Dongeng Bahasa Sunda Part 9 Sireum jeung Japati bahasasundaid
>> YOUR LINK HERE: ___ http://youtube.com/watch?v=_8BvunjNSsI
kanggo naskah dongeng klik link ieu dihandap: • website : https://bahasasunda.id/ • 'Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina . Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. • Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana. • Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd. • Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd • Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté. Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri • ________________________________________________ • Music : - • ________________________________________________ • Facebook : / gemana.karnale • FP Facebook : / bahasasundaid-277332553153225 • Twitter : / gemanakarnalle • Twitter : / bahasasundaid • Instagram : https://www.instagram.com/gemanakarna... • Instagram : https://www.instagram.com/bahasasunda... • website : https://bahasasunda.id/ • ________________________________________________ • • Tag: • Tag: • dongeng basa sunda • dongeng bahasa sunda • dongeng • basa sunda • basa sunda • #dongeng #sunda #bahasasundaid
#############################
